Jumat, 20 Desember 2013
PAMEKAR BASA
(1).Papasten anu kawasa"
Titis tulis ti azali,kulak canggeum ti pangeran,guratan ti lauhil mahfudzna.Taqdir teu bisa dipungkir,kodar teu bisa disinglar,manusa darma wawayangan,taya tangan pangawasa,wungkul kersa Alloh nu wisesa.
(2).Narima papatah"
meulit murilit kana peujit,ngancik dina ati sanubari,sumarambah kana bayah matak ngenah kana manah,ngeleketey kana lambey,ngeleketek kana kelek,nyocog kana jajantung,kapetik hasilna kaala buahna,kakali beutina,katampi ku asta kalih kateda kalingga burda.
(3).Ngahiji cadu pukah"
Ka cai jadi saleuwi,ka darat jadi salebak,saigel,sarengkak,saparipolah,sabobot sapihaneuan,pakait patali asih,kacangreud sukma ati.Lir gula jeung amisna,uyah jeung asinna.Sagolek pangkek cangred pageuh,cadu pukah moal bisa di ongget-ongget.
(4).Nitenan Mangsa"
Menit anu paciwit -ciwit,jam anu paantay-antay,poe anu patele-tele,beurang anu taya karingrang,peuting anu ngari cicing,disusul ku minggu anu patumbu-tumbu,dipapag ku bulan anu pinuh ku pangharepan,sumping taun anu pauntun-untun.
Anu tadi rikat indit,nu tiheula cepat mangkat,nu chan datang masuh suwung,nu hadir mah nu ayeuna.Nu ayena teu ngajeten,teu ari ku balas punten,teu kenging engke antosan,mawa banda sasampeureun.
(5).Ngemban tugas"
Nyukcruk jalur pitutur rosul,ngemban tugas ajaran pangeran,nampi papatah data agama,taya deui nu diseja,ikhlas ridlo karena Alloh,sepi ing pamrih rame ing gawe,malah mandar pinanggih jeung kabagjaan.
(6).Kersaning Alloh"
Kembang malati jatining iman anu sajati,anu ligar dina ati,kersaning Alloh anu maha suci.Kembang gadung anu gumulung dina jajantung,kersaning Alloh anu maha agung.kembang samoja nu mangkak na dada,kersaning Alloh anu maha gagah perkasa tur maha wisesa.Kembang mawar anu ligar dina taar,kersaning Alloh maha anu benghar.
(7).Munjung ka Indung Bapak"
Indung nu ngakandung,bapak nu ngyuga,matak ulah mungjung ka gunung,ulah muj ka sagara,munjung mah kudu ka indung muja mah kedah ka bapa.Da anu jadi kolot mah anu clak herang,caang bulan opat belas,jalan gede sasapuan,melaan ngurus ngatik tur ngadidik,teu nyuprih pamulang tinu jadi anak.
(8).Jalma kaya
Bru di juru,bro di panto,ngalayah di tengah imah,imah tembok sawah ledok,pamajikan denok montok,rea beas awak waras,si jabrig dipipir,si jambrong dikolong,rawey beuweungweun,rambay alaeun,lubak libuk kebon teu kaleubok.
(9).Sinatria
Sing caringcing pageuh kancing,sing saringset pageuh ikeut,ulah gedag kaanginan,ulah lungguh kalinduan,ulah leeh kapanasaan,laas kahujanan.Cadu mungkuk pabalituk,haram dempak pabalatak.Moal mundur sasiku,moal ngejat satapak,sok sanajan disisir serit dibuaya mangapkeun,dicacag diwalang-walang,disisik diweling-weling,dibeset diuyahan,moal mipir pedah mapay pasir,moal lewang pedah nyorang jurang.Lalaki langit,lalanang jagat,kulit beusi urat waja,bulu bitis keris,bulu kelek godeg.Taya tanding taya lawan,tong boro manusa biasa,syetan jin jeung ganderewo kabeh mangpret taluk sieuneun ku hitutna.
(10).Aki-Aki Ompong
Lamun boga imah sigrong,balong ngemplong,mobil ngadangong,najan pipi kemong,huntu ompong,parawan ge pasti noong,komo randa nu nongnong.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar