Jumat, 20 Desember 2013
Dangding Kajadian Manusa
Lalakon mangsa katukang
Kaayaan diri urang
Dina taneuh dilampeurkeun
Ema bapa nu molahkeun
Liwat akar reujeung daun
diseuseup ku bibinihan
Raweuy jadi bubuahan
Buah asak diampihkeun
Ema bapa nu nuangan
Bada diasakanana
Ema baba nu nuangan
Bada diasakanana
Namper dina patuangan
Dina waktos sapatemon
Opat puluh dinten lamina
Sari janten cimanina
Nyangkewok dina nu poek
Dina liang anu rupek
Dalapan puluh dintenna
Mani janten getih kimpelna
Saratus dua puluhna
Getih kimpel jadi dagingna
Patuangan ngagedean
Pinuh rasa kacapean
Damelna gulinggasahan
Heunteu puguh pipikiran
Cunduk kana waktuna
Ninggang kana mangsana
Niti wanci nu mustari
Dongkap waktos ngalahirkeun
Ema bapa baringaheun
Oaaa.......Oaaaa...
Bayi lahir ka bumi
Sehat sareng pinih ku puji
Bari panon chan ningali
Ema bapak jadi seuri
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar